Thursday, January 3, 2008

Jing-Tang-Tong!

Carpon ini merupakan salah satu pemenang lomba yang diadakan Taman Budaya Jawa Barat:


HANJAKAL pisan teu ti mimiti nyaho saha saenyana Dasmin teh. Kitu tah sipat manusa mah: hanjakal teh sok pandeuri.
Dasmin teh tangtu lain jelema samanea. Moal salah deui, manehna tangtu jelema suci, sabangsaning wali, nu ngahaja dilungsurkeun ku Gusti Nu Maha Suci ka ieu dunya. Hususna ka lembur kuring. Mun lain jelema suci, jang naon manehna bisa aya di ieu lembur kalawan teu percumah?
Sakabeh urang lembur pada nyaho saha Dasmin teh: lalaki ngora nu boga kabiasaan leumpang ngagedig bulak-balik ti tungtung kulon tepi ka tungtung wetan lembur. Sapoena teuing bisa sabaraha kali pulanganting teh. Meh sapanjang jalan leungeun kencana nulak cangkeng, leungeun katuhuna diayun-ayunkeun ka tukang ka hareup, bari sungutna nurutan sora kendang.
“Jing tang tong! Jing tang tong!” cenah.
Ceuk beja mah, Dasmin teh pada ngusir ku urang lembur manehna, kira-kira lima kilometer beulah kidul lembur kuring. Kitu meureun nya sipat urang mah, nu sok ngarasa pangberesihna. Asa aing uyah kidul. Naon wae nu bakal ngotoran diri urang kudu geuwat dipiceun. Jelema model Dasmin ge meureun pada nganggap bakal jadi kokotor lembur, nu matak kudu buru-buru diusir. Ngan teu kacaritakeun naha manehna boga keneh dulur di lemburna.
Anehna, urang lembur kuring mah bet raresepeun ka Dasmin teh, najan teu leuwih pikeun hiburan. Pabeubeurang usum halodo teh panas ereng-erengan, atuh lumayan bisa seuri ningali kalakuan Dasmin.
Ku barudak mah sakapeung pada maledogan ku karikil bari nurutan sora kendang tea. Ma’lum, apan di mana-mana ge nu ngaran barudak mah sok tara ngarasa salah, najan maledogan jelema teh kawas maledogan hayam. “Seuah, seuah, ka ditu!” cenah ceuk barudak teh. Dasmin ukur ngaheheh pada maledogan teh. Katingali gugusina anu beureum kawas tomat asak. Paling oge manehna api-api nyokot batu jiga nu rek maledog. Atuh teu antaparah deui barudak teh paburiak lalumpatan. Ngan tara enyaan maledog Dasmin mah.
Sot deui batu teh, tuluy leungeun kencana kana cangkeng, leungeun katuhu diayun-ayunkeun ka tukang ka hareup, bari sungutna nurutan sora kendang, “Jing tang tong! Jing tang tong!”
“Gatotgaca gelo!” ceuk barudak.
Dasmin ukur ngagerem dikitukeun teh.
“Mmm… jek nong!” cenah, minangka sora kecrek jeung kenong.
Enya, nurutan ngageremna Gatotgaca tea.
Teuing kumaha mimitina, kuring bet resep ka Dasmin. Pedah eta meureun, da Dasmin mah tara maledogan ka barudak. Bisa jadi pedah manehna mah ukur seuri mun pada ngahina ku batur teh. Atawa ieu meureun: Dasmin teh saenyana lalaki kasep tur tara poho meresihan awakna di kamar mandi masigit. Mun seuri ge katenjo huntuna beresih tur bodas. Kitu deui bajuna, sok katingali beresih. Teuing saha nu sok mere baju ka manehna.
Atawa pedah kaayaan ekonomi kitu? Kieu maksudna. Kaayaan ekonomi teh bet asa beuki matak nyekek. Harga beas, minyak goreng, minyak tanah, listrik, naon ku hanteu, beuki ngajul wae. Teu kahontal ku gajih anu tara pipilueun naek.
Kuring ukur setap di kantor kacamatan. Boga budak dua, nu hiji rek asup SMP, nu hiji deui rek asup SD. Geus pada-pada nyaho apan, anggaran nu kudu disadiakeun pikeun asup sakola naon wae ge di urang mah beuki ngaratus rebu, malah mah ngajuta. Leuwih nyekek batan anggaran lebaran. Baju saragam, kaos olahraga, buku-buku, tas, sapatu, naon ku hanteu, can ditambah uang gedung nanahaon. Wajib kabeh eta teh. Geus kitu, pamajikan bet hayoh we kukulutus ngeunaan sagala harga naek. Atuh kudu kumaha deui? Da urang mah teu bisa nanaon. “Nya atuh neangan pangasilan tambahan tina naon wae. Tingali batur mah bisa,” kitu pokna teh.
Tah, dina kahirupan model kitu, teuing ku naon, karasa Dasmin teh jadi salah sahiji hiburan pikeun kuring. Sok resep ningali beungeutna nu teu weleh seuri najan pada ngaheureuyan kaleuleuwihi ku barudak. Leungeun kenca dina cangkeng, leungeun katuhu diayun-ayunkeun, bari sungutna nurutan sora kendang, “Jing tang tong! Jing tang tong!” Kitu sapanjang jalan, bulak-balik ti tungtung kulon tepi ka tungtung wetan lembur. Bangun euweuh kacape.
Mun ningali kuring, ti kajauhan ge geus gugupay, tuluy ngacungkeun curuk jeung jajangkung bari diantelkeun kana biwirna nu dimanyunkeun.
Kuring malik gugupay, tuluy ngodok saku baju, nyokot sabatang, sok dibikeun ka manehna. Sakapeung mah ku kuring nu sok dipangnyeungeutkeun sakalian.
Sok bari peureum-beunta mun manehna ngaroko teh, bangun nu ni’mat pisan. Sakapeung mah mun nyeuseup teh jiga nu moal rek ngaluarkeun deui haseupna. Sanggeus dibekem dina sungutna, kakara haseup teh dikaluarkeun saeutik-saeutik tina irung jeung biwirna.
Geus kitu mah, ngobrol teh ka mana-mendi. Sakali mah nanya boga nomer alus atawa henteu.
“Boga nomer alus mah mending pasangan we ku sorangan,” kitu jawabna teh, bari ngaheheh.
Kalan-kalan nanya soal maenbal. “Kumaha yeuh, Chelsea lawan Liverpool engke peuting?”
“Tah, ieu karesep uing teh. Rame pisan. Hiji-hiji jigana mah. Hanjakal Persib teu jiga kitu maenna. Cacakan mun boga pamaen kawas Gatotgaca, meureun bisa jawara Maung Bandung teh. Ku ajian Brajamusti tea, tangtu sepakanana bisa ngajebol gawang musuh.”
Kuring ngabarakatak.
Mun kuring jeung Dasmin keur uplek ngobrol duaan, euweuh barudak nu wani ngaganggu.
Sok resep ngabandungan caritaan Dasmin nu sakapeung mah teu katepi ku akal. Imajinasina ngapung ka mana-mendi. Cenah mah, jelema model Dasmin teh sok ngadenge sora tanpa rupa teuing ti mana asalna. Jejer caritana ka ditu ka dieu sangeunahna. Keur nyarita sual maenbal, ujug-ujug mengkol kana sual langit bulao. “Hayang hiber euy,” cenah. Geus kitu, ngadadak ngomong sual kadaharan.
“Lapar nya?” ceuk kuring.
Manehna ukur ngabelengeh.
Sok weh sarebu mah. “Cik geura ka warung, meuli kueh atawa naon.”
Hiji waktu, Dasmin nyarita hayang luncat tina sasak.
“Entong atuh,” ceuk kuring rada hariwang.
“Moal nanaon. Pan teu pati luhur…”
Di beulah wetan lembur teh aya sasak anu handapeunana ngamalir walungan kira-kira sapuluh meter rubakna. Tina sasak kana walungan teh aya kana lima meterna. Moal pikahariwangeun kumaha, walungan teh keur saat, nu aya teh ukur batu-batu wungkul sagede-gede munding.
Na eta mah, Dasmin teu bisa diulah-ulah. Kuring ge teu nyaho kajadianana, ngan ukur ngadenge caritaan batur.
“Dasmin rek maehan maneh!” Urang lembur ibur.
Nurutkeun caritaan nu naringali, harita Dasmin naek kana pager sasak beusi, tuluy nangtung. Dua leungeunna dipantengkeun ka sisi, jiga Nabi Isa basa disalib dina tihang kayu. Beungeutna tanggah, panonna peureum, kawas jelema nu keur ngadunga. Geus kitu, lalaunan awakna doyong ka hareup. Teu lila, awak Dasmin ngalayang ragrag ka walungan. Nu ningali pating jarerit. Sawareh mah ngabalieur atawa peureum. Kacipta atuh mun awak Dasmin ninggang kana batu-batu walungan. Ngan sabaraha detik, kadenge sora ngagedebug.
Eta ku ajaib, Dasmin ragrag meneran pisan kana keusik. Padahal di sakurilingna batu-batu wungkul. Teu tatu saeutik ge. Ukur lecet ge henteu. Ngan beungeut jeung bajuna lamokot ku keusik.
Basa panggih jeung manehna di sisi jalan hareupeun imah kuring, handapeun tangkal mahoni, kuring nanya naon tujuanana ngaragragkeun maneh tina sasak.
“Hayang ngabuktikeun yen urang bisa ngalayang kawas dangdaunan,” kitu jawabna.
Kuring olohok. “Nyatana henteu, pan?”
Dasmin balaham-belehem.
“Jek-nong!” cenah.
Hiji poe, kalakuan Dasmin beda ti sasari. Ngagedigna mah angger jiga Gatotgaca. Leungeun kenca nulak cangkeng, leungeun katuhu lempeng bari diayun-ayunkeun ka hareup ka tukang. Biasana mah beungeutna teh marahmay. Tapi harita jiga langit ceudeum. Tarangna kerung, halisna meh ngahiji.
“Mmmmm...” pokna, angger nurutan sora Gatotgaca.
“Jek nong!” tembal kuring.
Ngan manehna harita mah teu seuri teu imut.
“Dumasar kana aji Sapta Pangrungu kaula, aya beja yen ieu nagara teh teu lila deui bakal kiamat. Ku kituna, he sakabeh rahayat Pringgandani, geuwat arandika tatan-tatan piekun mapag datangna musibah. Geuwat laksanakeun upacara beberesih sarta sumerah diri ka Hyang Murbeng Dumadi.”
Kuring olohok ngadenge omonganana.
“Maneh teh boga bakat jadi dalang oge geuningan,” ceuk kuring heureuy.
Dasmin cengkat. Leungeun duanana nulak cangkeng ayeuna mah. Panonna bolotot.
“Eh, dengekeun nya, eta teh wahyuning Sang Hyang Wenang Gusti Allah!”
Kuring beuki olohok.
Jigana ka batur ge manehna ngomong kitu. Da buktina, teu lila ge pada ngaromongkeun. Aya nu nganggap serieus. Tapi leuwih loba nu ukur nyeungseurikeun.
“Nu gelo dipercaya!”
Teu lila, omongan Dasmin teh geus pada mopohokeun. Jigana urusan beuteung leuwih penting batan mikiran omongan nu teu puguh alang-ujurna. Komo deui panas halodo asa beuki ereng-erengan.
Hiji waktu kuring panggih deui jeung manehna. Cara sasari, ngobrol teh teu puguh jejerna.
Ngan teu lila, kadenge sora adan di masigit. Jep jempe Dasmin teh.
“Buruan geura ka masigit, geus cunduk kana waktu, geus ninggang kana mangsa,” pokna, sanggeus adan rengse.
“Ke lah, sakeudeung deui,” tembal kuring.
“Ngadagoan naon deui?”
“Apan kakara adan. Jeung deui, bisa sorangan di imah. Kagok, can mandi.”
“Astagfirullah. Urang teh saha nu nyaho naon nu bakal tumiba, apan? Jing-tang-tong! Ulah sok nunda-nunda sagala hal anu bisa dilakukeun ayeuna!”
Kuring kasima harita mah.
“Tuh tingali, masigit anu sakitu agrengna, nu daratang teh ukur sababaraha urang. Teu cukup jang nyieun hiji saf oge.”
“Euh, apan can baralik, Min. Loba anu masih keneh di kantor, di sawah, di tempat gawe. Loba barudak nu can baralik ti sakola di kota.”
“Ha-ha-ha!”
Enyaan, musibah mah teu bisa diramal. Euweuh nu nyangka dina usum halodo ereng-erengan kitu hujan bisa ngagebret tarik pisan. Hujan angin. Tengah peuting harita teh. Sakabeh urang lembur tangtu keur talibra. Tatangkalan loba nu rarungkad, ninggang opat imah nepi ka ampir rata jeung taneuh. Walungan di palebah wetan lembur caah galura, ngaleakkeun mangpuluh imah.
Nu maot aya lima.
Basa isukna hujan raat, kanyahoan yen salah sahiji nu maot teh Dasmin. Innalillahi. Manehna kapanggih katinggang tangkal mahoni hareupeun imah kuring pisan. Ningali posisi layonna basa kapanggih, kuring boga kacindekan yen manehna nahan tangkal mahoni ngarah teu ninggang imah kuring. Subhanalloh.
Hiji hal nu moal kapopohokeun, basa kapanggih, beungeut Dasmin teh beresih tur biwirna imut.
Layonna dimandian, disolatkeun, tuluy dikubur bareng jeung korban maot sejenna di kuburan lembur.
Sanggeus Dasmin euweuh di kieuna, kuring ngarasa leungiteun nu taya papadana. Resep ngerem sorangan. Tur sok kadenge sora tanpa rupa nu teu nyaho ti mana asalna.
***
Bandung, Juni 2007

No comments: