Sunday, February 17, 2008

Republik Bodor

(Carpon ini dimuat di majalah Mangle No 2156, 12-20 Pebruari 2008)


IEU téh carita ngeunaan hiji nagara. Lain nagara urang tangtuna gé. Ngaranna téh nagara Aratnasun. Aya ogé nu pada nyebut Aisénodni. Tapi kulantaran pangeusi nagara téh bodor wungkul, éta nagara leuwih sohor ku ngaran nagri bodor.
Ngaranna gé nagri bodor, atuh présidénna, para menteri, anggota déwan, gupernur, bupati, walikota, camat, tepi ka para kapala désa, kabéh gé bodor wungkul. Kitu deui para bos pausahaan, para artis sinétron tur panyanyina. Para guru, murid, mahasiswa, wartawan, tukang baso, jeung nu séjénna, sarua kabéh gé bodor kénéh. Cindekna mah, sakabéh rahayat éta nagara téh bodor wungkul.
Kulantaran bodor téa, pagawéan maranéhanana téh sapopoéna nya ngabalodor. Paripolahna paripolah bodor. Beuteung burayut jiga balon, beungeut bodas kawas kapas, irung buleud beureum jiga kueh apem. Dibaju polkadot rupa-rupa warnana, atawa kumaha waé rupana, maranéhanana ting réngkénék di mana jeung iraha baé. Maranéhanana ngabodor ti saprak hudang isuk-isuk tepi ka reup saré peuting-peuting, di imah, di pasar, di mal, di kampus, di kantor-kantor, pokona mah di mana baé.
Da puguh bodor, atuh sistim politik éta nagara téh sakadaék wé, kumaha anu jadi pamingpin harita. Aya éta gé nu pada nyarebut ku maranéhna undang-undang dasar nagri bodor, tur tétéla pisan disebutkeun di dinya yen bentuk nagarana téh républik. Tapi da kanyataanana mah présidén bodor bet boga kalakuan sakumaha umumna para raja, malah osok leuwih ti éta: maharaja, najan tangtu wé maharaja bodor. Kitu deui para menterina, teu béda jeung para hulubalang raja. Ku sabab sistimnya teu puguh téa, présidén bodor bisa wé asalna ti partéy mana waé, kaasup partéy nu aya ngaranna wungkul.
Baheula, basa présiden bodor nu ti heula lungsur ku para mahasiswa nu geus bosen jaradi bodor, timbul harepan bakal aya perobahan. Harita teuing ti mana jolna, loba jelema anu ngusulkeun sangkan aya réformasi dina sagala widang.
Ngan hanjakal, para bodor jumlahna leuwih loba batan jelema. Kitu deui kakawasaanana leuwih kuat. Ku kituna, sora-sora anu ngusulkeun perobahan téh beuki lila beuki pareum. Antukna, nu kadenge mah angger wé sora ting cikikik jeung kecap-kecap anu teu puguh hartina. Sawaréh, loba jelema anu ahirna ngagabung jeung para bodor, ngajadi bodor. Sawaréh deui mah teuing ka marana lesna.
Ti saprak harita loba bodor anu dibaju sakumaha umumna jelema: maké jas seungit, pantalon rapih, dasi warna-warni, sapatu hérang ngagenclang, tur buuk diminyak fresh look téa. Ngan hanjakal, haténa jeung kalakuanana mah angger wé bodor.
Matak teu héran, basa maranéhanana ngarasa geus ngalakukeun réformasi, sihoréng ngan ukur api-api réformasi, nya réformasi bodor téa. Kitu deui, maranéhanana ngarasa geus milih jelema sina dilungguhkeun jadi présidén, tapi sihoréng nyalahan. Sabab, anu dipilih jadi présidén téh bodor pituin najan dibaju jiga jelema gé. Para menterina sarua kénéh, paripolahna angger bodor najan beungeut jeung pakéanana kawas jelema.
Bari seuri ting cikikik, para pajabat nagri bodor ngahakanan naon waé nu bisa dihakan, ngalegut naon waé nu bisa diinum, tur nyokotan naon waé nu kahontal, teu paduli éta téh lain anu maranéhanana. Di nagri manusa mah éta téh kasebutna korupsi. Tapi di nagri bodor mah lain. Teuing naon ngaranna. Nu puguh mah lain korupsi. Sabab, tacan kacaritakeun aya pajabat nagri bodor anu enya-enya dihukum kulantaran maokan duit nagara. Enya gé maranéhanana pada nyarebut koruptor, maranéhanana bet kalahka malik bungah. Teuing ku naon. Meureun pédah kabéh koruptor geuningan bisa kénéh jadi pajabat.
Malah mah para bos bodor anu nelegan duit nepi ka triliunan gé masih bisa kénéh bébas ka mana-mendi, bari euweuh tanda-tanda maranéhanana bakal dibui. Rék dibui kumaha, sagala bukti nu aya bisa laleungitan teuing ka mana.
“Abdi mah teu gaduh artos sapérak-pérak acan,” cenah ceuk salah sahiji pajabat bodor manten. Kituna téh bari imut, bangun anu teu boga dosa nanaon.
Heuheuy.
Ngan anéhna, sanajan dipaokan ku lobaan, sumber duit nagri bodor mah weléh ngocor waé. Mun diibaratkeun tangkal mah, subur pisan. Tangkal para pajabat bodor, tangtuna gé. Da ari tangkal rahayat bodor mah beuki lila beuki garing, euweuh daunan.
Nu ramé deui mah mun geus tepi kana waktuna lima taun sakali, nyaéta anu pada nyarebut pésta démokrasi téa. Pésta démokrasi rahayat bodor.
Leuh, saméméh pésta téa, hiji-hiji para inohong bodor naék kana panggung, ngabalodor pikeun narik haté rahayat bodor. Maranéhanana teu kudu éra ngawadul lantaran mun teu kitu mah cenah moal matak narik. Para koruptor ngawadul sual kumaha carana ngabasmi korupsi. Para pajabat bodor anu biasa ngaheureuykeun hukum pagedé-gedé wadul pikeun nanjeurkeun hukum. Para tukang ngawadul patarik-tarik sora ngeunaan cara pikeun nanjeurkeun kajujuran.
Ari pésta geus lekasan mah, naha éta para pajabat bodor inget kénéh atawa henteu kana sagala jangji maranéhanana, teu penting. Ngaranna gé bodor, maranéhanana ngarasa teu boga kawajiban pikeun ngalaksanakeunana.
Para pajabat bodor téh euweuh kaéra kitu? (Naon? Éra?)
Enya, é-r-a, atawa i-s-i-n. Di nagri bodor mah jigana geus lila pisan éta kekecapan téh ngaleungit, teuing ka mana.
Tingali wé geura barudak sakolana. Maranéhanana ukur sura-seuri lamun guru-guruna keur ambek ku lantaran teu maliré kana aturan sakola. Di imah nya kitu deui, barudak téh ukur ting séréngéh lamun kolotna ambek ku lantaran kanyahoan ngalakukeun kasalahan.
Tapi da uyah mah tara téés ka luhur. Barudak bodor mah boga kalakuan kitu gé tangtuna ngala ka indung-bapa jeung guru-guru bodor.
Sok wé tingali deui dina acara telepisi, loba pisan kajadian jelema teu uyahan nu umurna geus meh tunggang gunung ngagadabah barudak leutik bari jeung bangun anu teu ngarasa salah.
Tingali geura, dina acara-acara nu biasana disiarkeun tengah peuting, éta pangalaman nu kuduna disumput-sumput téh dibolékér-bolékérkeun sajalantrahna. Kahirupan marenahna mun keur dugem. Bobogohan kawas sato, teu boga ka éra. Ngahaja patukeur-tukeur pamajikan. Jeung réa-réa deui.
Tuh geura, para pajabat bodor anu ku saréréa pada nyaho ngalakukeun korupsi milyaran gé bet kalah ka ngahaja harayang diékspos dina surat kabar jeung telepisi, bari dibarung ku imut mun dipotrét atawa dirékam kaméra téh. Ceuk maranéhna mah, kalakuan maranéhna téh lain kalicikan, da teu ngarempak kana aturan tinulis atawa undang-undang.
Enya gé aya sababaraha kali pajabat bodor anu dibui alatan korupsi, lain hartina maranéhanana asup bui cara para maling kelas kambing. Maranéhanana mah di jero bui gé lir ibarat mondok di kamar suite hotél bintang genep, tur dilayanan jiga para putra raja. Maranéhanana bisa kénéh boga kabébasan ngalakukeun naon baé cara keur bébas kénéh. Para narapidana bodor téh masih bisa kénéh ngatur kabéh pausahaan maranéhanana, ngarasakeun kahirupan biasa, malah mah bisa kénéh jadi pamingpin organisasi maén bal nagara bodor. Sanajan préstasi maén bal éta nagri téh angger tikusruk, tur loba pihak anu ngusulkeun ngarah éta pamingpin téh lungsur tina korsi katua, éh, da keukeuh wé. Tuda éta, anak buahna siap ngabéla tohpati jiwaraga.
Geus kitu, para anggota déwan perwakilan rakyat bodor mah nurus tunjung teu katulungan. Maranéhanana unggal bulan tutuluyan ménta naék gajih jeung tunjangan hirup. Mun teu kitu, aya waé istilahna téh. Umpamana baé ménta sangkan tunjangan komunikasi téh ditaékkeun. Naon nu disebut tunjangan komunikasi, rahayat bodor mah teu nyarahoeun.
Para anggota déwan perwakilan rakyat bodor tuluy ngayakeun sidang istiméwa, paripurna, kabéh anggota haladir, da anu dibahasna gé pasualan anu pohara pentingna. Penting pikeun para anggota déwan bodor téa, nyaéta maranéhna merelukeun laptop. Alesanana kieu cenah: ayeuna téh apan jaman supra-modéren tur laptop téh geus jadi kabutuhan penting pisan ibarat pakéan. Ceuk maranéhanana téh, mun teu boga laptop, maranéhanana teu bisa ngalaksanakeun tugas ngabéla kapentingan rahayat sakumaha kuduna. Rék katepi ku akal atawa henteu, teu jadi sual, da bodor mah tara mikir. Ku kituna, ayana laptop geus jadi kawajiban. Laptopna gé lain laptop sambarangan, tapi produk pang anyarna kalawan spésifikasina gé pang canggihna. Hargana mahal saeutik mah teu nanaon. Kumaha mun aya rahayat bodor nu protés? Bejakeun wé yen éta téh pikeun karaharjaan rahayat. Naha enya para anggota déwan bodor téh bisa maké laptop, teu kudu ditanyakeun. Apan Tukul Arwanabodor gé bisa mamawa laptop bari sanajan teu bisa makéna. Heuheuy!
Tah, éta téh kabéh gé ngagambarkeun yén saenyana mah ti baheula gé para anggota déwan bodor mah teu kungsi ngalaksanakeun tugasna pikeun ngawakilan rahayat bodor. Kuduna mah apan ngadedengékeun naon saenyana aspirasi rahayat téh. Éta mah bet kalahka mikiran diri sorangan, paduli teuing nasib rahayat mah. Kuduna mah apan maranéhanana téh ngawaskeun para pajabat éksekutif. Éta mah bet kalahka ngadukung naon baé kaputusan pajabat éksekutif, da geus puguh beubeunanganana: Volvo, Mercy, atawa Toyota Auris.
Kadieunakeun nagri bodor téh katalangsara ku alatan bencana alam di mana-mana. Mun keur usum halodo, panas éréng-éréngan lir ibarat sagara keusik pabeubeurang. Walungan jeung talaga sararaat, leuweung kahuruan. Sabalikna, lamun keur usum hujan, walungan ngagalura di mana-mana, ngeueum ti désa nepi ka kota-kota. Pasir arurug. Bumi eundeur ku lini, gunung-gunung olab ngutahkeun lahar jeung lava. Lautan ngagolak nelegan mangratus rébu jelema.
Salian ti bencana alam, beuki loba waé kacilakaan téh. Kapal udara ragrag, kapal laut kalebuh, karéta api tisolédat tina rélna, beus tabrakan jeung treuk, jeung réa-réa deui. Korban mah geus teu kaitung deui jumlahna.
Ngan anéhna, para pajabat bodor mah angger pating barakatak bari ngabaheuhay. Ceuk pikiran maranéhanana, nu penting mah sagala mamala téh euweuh pakaitna jeung diri sorangan. Kari ngodok pésak wé, beulikeun kana indomi saratus dus, bikeun ka para korban, bari diliput ku média massa. Bérés.
***
HIJI poé, aya sababaraha urang rahayat bodor nu beuki teu sugema ningali kaayaan kawas kitu. Maranéhanana tuluy ka ditu ka dieu néangan manusa. Manusa enyaan, nu teuing di mana ayana. Maranéhanana neangan jelema anu pada nyarebut satria piningit téa, nu dipiharep pisan bisa ngaropéa kaayaan.
Ngan hanjakal néangan manusa modél kitu téh lir ibarat néangan jarum di jero walungan. Sababaraha kali maranéhanana yakin geus manggihan satria piningit. Tapi teu lila maranéhanana sadar yén nu kapanggih téh sihoréng… satria piningit bodor.
“Geus atuh lah. Nagri bodor mah da kuduna gé diparéntah ku bodor. Mun ku jelema, meureun nagri urang moal lucu deui,” kitu cenah ceuk salah sahiji pajabat bodor. Éta pamadegan téh pada satuju ku sakabéh pajabat bodor séjénna.
Right or wrong is my clown country, ceuk maranéhanana bari ngabarakatak. Dasar bodor.
Heuheuy deudeuh.
***

No comments: