Saturday, January 5, 2008

Deudeuh Teuing, Eulis

MEH sataun cicing di Bandung, kakara ayeuna aya kasempetan lalajo sandiwara Sunda. Kahiji, pagawean asa weleh teu beak-beak tepi ka peuting unggal poena. Ma’lum atuh, kantor koran anyar, sagalana kudu ti enol wae. Komo salaku redaktur mah, apan kuring kudu miluan mariksa hasil lay out. Nu kadua, pintonan sandiwara Sunda teh langka pisan. Ceuk beja mah aya sabulan sakali ge geus lumayan.
Teu sabar ngadagoan jam dalapan. Ti mangkukna keneh geus ngajak babaturan lalajo babarengan.
“Aya keneh kitu sandiwara Sunda teh?” ceuk Kang Aom semu keom.
“Di Rumentang Siang, malem Minggu,” tembal kuring.
“Moal ah, geus boga jangji…”
“Acara keluarga nya?”
“… jeung Meti.” Bari ngiceup kituna teh.
Tuluy ngabelengeh, jiga munding keur ngagayem. Emh, eta si akang, boga beungeut kawas kedok bakal ge, bisa we ngajakan ulin jeung nu mencrang.
Ngajakan Deni nya kitu deui. “Pamajikan datang ti lembur,” cenah. Enya ge pada-pada urang Sunda, asa beda Deni jeung Kang Aom teh. Ari nu hiji tipeu salaki satia, nu hiji deui mah, duka tah… Tapi da ketang, euweuh hubunganana antara lalaki Sunda jeung karakter satia atawa henteu.
Satadina mah ukur heureuy ngajakan Lis teh. Minggu ieu manehna giliran asup beurang, ti jam dua belas tepi ka jam dalapan peuting. Teu geulis-geulis teuing, tapi manis. Kulitna beresih, buukna dicet semu beureum, tur eta panonna cureuleuk. Pangpangna mah sorana mani halimpu. Komo mun keur maging ka saha wae nu dituju: “Kanggo ka bagian redaksi, aya telepon dina line hiji,” cenah, teu beda jeung sora di supermarket.
Can aya sabulan Lis teh gawe di ieu kantor, di bagian front office. Cenah mah geus boga salaki tur budak hiji. Ngan aya beja, cenah rumah tanggana keur aya masalah. Wallahualam, da can kungsi nanya soal eta.
“Urang malem Mingguan yu?” cek kuring kamari, bari jongjon leumpang ka luar. Teu ngarep-ngarep. Paling oge diwalon ku imut.
“Hayu. Ka mana?”
Reg we.
Enyaan ieu teh? Teu salah denge?
Kuring ngalieuk.
Panon cureuleuk teh neuteup mani anteb. Nyeh imut. Leuh, enya, ku manis biwir nu imut teh. Apel cina lah.
“Lalajo sandiwara Sunda, kersa teu?”
“Dupi sandiwara Sunda teh naon kitu Pa?”
Euleuh eta geura. Dasar budak ngora, najan geus boga budak ge. Sabaraha kitu umurna teh? Aya 23? Emh, enya meureun, masa kajayaan sandiwara Sunda teh geus pareum lila. Nya kitu deui meureun masa kajayaan kuring? Asa cikeneh ngora keneh. Ayeuna mah pada nyarebut teh lain “A” atawa “Kang”, tapi “Pa”.
“Tingali we geura enjing wengi.”
“Hoyong Pa.”
“Leres?”
Nyeh deui imut. “Moal aya nu bendu?”
Kakara harita mah ngabarakatak. Ras inget ka jaman sapuluh atawa lima welas taun ka tukang, mun ngajak kenalan teh kitu jawabanana. Nanya, tapi teu merelukeun jawaban. Kaasup retoris kitu nya. Kalimah kitu teh teu kudu dijawab, da samalah mah bisa dihartikeun satuju. Nguatkeun kekecapan nu ti heula tea: hayu, ka mana? Teu, teu kudu ngajawab “moal”, lantaran bisa jadi malah ngaruksak suasana.
“Malem Minggu jam dalapan, nya?”
“Oke, Pa.”
Enyaan, teu sabar ngadagoan Saptu peuting jam dalapan. Kacipta duaan lalajo di gedong anu poek, bari pacekel-cekel leungeun. Jiga keur ngora. Teu nanaon meureun nya, angen-angen pecat sawed, najan umur geus meh tunggang gunung.
Meunang beja aya sandiwara Sunda teh ti Dian. Manehna apal da dibejaan ku Kang Moel, kuncen gedong kasenian Rumentang Siang tea. Ngan hanjakal Dian ge teu bisa lalajo. Aya kasibukan pikeun persiapan acara LBSS, cenah.
Ku kabeneran, lalakonna teh Sangkuriang Kabeurangan. Karesep kuring baheula. Ras inget ka jaman harita, taun mimiti dalapan puluhan. Kuring kakara kelas dua SMP. Harita geus dua minggu leuwih aya rombong­an sandiwara anu minton di lembur kuring, hiji desa anu saenyana mah asup Jawa Tengah, kira-kira 25 km ti wates jeung Jawa Barat, tapi masarakat sapopoena nyarita ku basa Sunda.
Peuting harita rombongan mintonkeun lalakon Sangkuriang Kabeurangan. Ku lantaran geus lila didago-dago, atuh nu lalajo ngabrul. Kuring ngahaja datang ti sore keneh, ngarah meunang tempat di hareup.
Nu lalajo sarurak eak-eakan basa Miss Titin, minangka sripanggungna, kaluar. Aeh, da di panggung mah lain Miss Titin. Make siger pulas emas dina rambutna, susumping dina cepilna, jeung gelang bahu dina puhu leungeunna, Miss Titin teh estuning ngaleungit, ngajanggelek jadi putri Dayang Sumbi.
Hate ngageter basa neuteup Nyi Dayang Sumbi.
Ngagolak malahan mah.
Hayang pisan jleng ka panggung, ngarah kuring anu jadi Sangkuriangna.
Isukna, wanci carangcang tihang, kuring buru-buru mawa anduk jeung gayung nu dieusian sabun, sikat, jeung odol, indit ka Cidadap. Leumpang gancang dina gang, tuluy bras ka jalan satapak. Ti dinya mapay galengan sawah, memeh tepi ka walungan.
Di palebah wetan, cahaya sumirat ngagembat di beulah katuhu Gunung Slamet, dipapaes ku sesa-sesa bentang peuting tadi, nu can kaburu ngaleungit tina lambar langit.
Walungan Cidadap teh ngamalir ti Gunung Baribis nu ngujur di beulah kulon, ti kidul ka kaler. Hejo poek, dilataran ku langit semu kulawu. Jiga parawan nu weleh tibra dina endahna alam pangimpian. Di beulah wetan, Cidadap ngamuara ka Ciraja, tuluy ka Cipamali.
Walungan teh kira-kira genep meter. Mun keur usum hujan, caina tarik pisan. Komo mun keur caah, euweuh nu wani meuntas cai nu ngagalura. Tapi mun usum halodo kawas harita, walungan saat. Caina ukur sagede curuk. Kari batu-batu we jeung karikil. Najan kitu, walungan teh penting pisan pikeun urang lembur mah. Mun sumur-sumur di imah geus saat, geus cunduk waktuna ngandelkeun Cidadap. Urang lembur nyarieun sumur di sapanjang walungan. Jerona aya kana sameterna, dikurilingan ku batu-batu. Aya oge nu ditambahan ku daun kalapa.
Kuring mandi dina sumur deukeut cadas. Sakumaha umumna lalaki, mandi teh dilaan sagalana. Da geus biasa, jeung deui teu kudu era sagala. Awewe ge sawareh mah aya nu mandi buligir. Tapi aya oge anu disamping nuruban awak nepi ka dadana.
Kitu pamandangan sapopoena teh. Tur biasana ge kuring teu paduli.
Ngan harita, basa geus dibaju tur rek balik ka imah, kuring kasima basa ngalieuk ka katuhu.
Dina sumur cadas, kasampak aya awewe keur mandi buligir. Nyiuk cai bari cingogo, tuluy lalaunan disiramkeun kana buukna nu ngarumbay nepi ka tonggong. Caina sawareh nyuruluk maseuhan taktak, kana leungeun, tuluy nyarakclakan kana cangkeng jeung pingping buligir. Buuk hideung ngarumbay jeung kulit koneng umyang, kakara harita kuring manggihan. Moal aya awewe lembur nu buuk jeung pakulitanana jiga kitu. Awewe di lembur kuring mah buukna lolobana semu beureum, parondok, tur ngahaja dijieun galing model harita. Kulitna karereana soklat, malah mah loba nu semu hideung.
Basa eta awewe rada ngalieuk, moal salah deui.
Dayang Sumbi. Aeh, Miss Titin.
Eta pamandangan teh teu kapopohokeun tepi ka kiwari.
Ti saprak harita, unggal peuting kuring lalajo sandiwara. Pangpangna mah hayang panggih jeung nu geulis, najan manehna mah di panggung, ari kuring cukup lalajo bareng jeung batur. Da mun hayang leuwih ti kitu mah asa ngajul bentang ku asiwung.
Ma’lum kuring teh budak bau jaringao keneh. Can boga kawani ngadeukeutan.
Hanjakal, ngan sabulan rombongan sandiwara teh. Geus lekasan minton di lembur kuring, rombongan teh indit, teuing ka mana.
Les we. Karasa aya nu leungit satutuluyna. Ka mana nya ari Miss Titin? Tepi ka ayeuna, aya kana dua puluh taun, euweuh bejana.
Kuring nuluykeun sakola ka Jogja, tuluy gawe di Surabaya. Kungsi ka Makassar, Batam, Balikpapan, jeung Jakarta. Tah, basa datang ka Bandung, bet asa muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan. Asa balik ka lembur sorangan, boh lantaran basana boh kasenianana.
Hanjakal neangan Nyi Sumbi teh weleh teu kapanggih.
Kungsi dua kali lalajo teater Sunda. Tapi beda pisan jeung sandiwara Sunda. Ari teater mah apan make naskah, tur caritana lolobana ngeunaan kaayaan kiwari. Kitu deui blokingna beda pisan. Teu kudu make layar anu digambaran ku rupa-rupa pamandangan atawa korsi nu dipapaesan minangka singgasana.
Harita nu lalajo geus ngantay memeh panto gedong kasenian dibuka. Kuring milu ngantay, sanggeus meuli tiket sapuluh rebuan. Emh, pikareueuseun. Komo nu lalajo rereana barudak ngora. Jigana barudak SMA jeung mahasiswa. Sihoreng loba keneh anu micinta kana kasenian sorangan. Aya eta ge hiji-dua anu pating caletrek kana hape, atawa pating cikikik sorangan, basa teater keur maen. Tapi nya teu nanaon. Nu penting mah korsi di jero gedong teh meh pinuh ku nu lalajo.
Kungsi deui lalajo wayang di gedong YPK, sarua pinuh ku nu lalajo.
Kitu deui basa lalajo reog di festival Jalan Braga.
Ceuk saha urang Sunda teu micinta kasenian Sunda?
**
NGAN hanjakal pisan, Saptu jam tujuh, Lis ngabejaan teu bisa maturan. “Bade ka BSM sareng pun raka,” cenah.
Sawios.
Jam dalapan kurang lima menit, kuring sorangan leumpang mapay jalan di Kosambi.
Patalimarga ngarayap. Jelema lalar-liwat. Ka marana nya? Ka gedong Rumentang Siang kitu? Ras inget kana abrulan urang lembur nu rek lalajo sandiwara Sunda harita.
Bus ka Jalan Baranang Siang. Karasa rada tiiseun. Jalan barecek, urut hujan pasosore. Di sisi jalan mah angger caraang ku nu daragang. Ras inget deui, harita ge di lembur, mun aya pintonan, sapanjang jalan baranang ku patromak nu daragang.
Reg di hareupeun Rumentang Siang.
Olohok.
Ukur aya jelema tiluan keur ngarobrol deukeut panto. Euweuh nu ngantay meuli karcis. Asa-asa basa ngaliwatan gapura ge. Teu kadenge sora nanaon ti jero gedong. Jempling.
“Punten, dupi acara sandiwara teh janten?” kuring nanya ka nu tiluan.
“Mangga Pa, teras we kalebet,” ceuk salah saurang.
Geus maen kitu? Gerentes teh.
Bus ka gedong.
Kuring ngajanteng sawatara jongjongan mah. Asa abus teuing ka gedong naon. Lampu remeng-remeng. Korsi-korsi karosong. Ngan aya genep atawa tujuh urang di korsi hareup. Teuing nu rek lalajo atawa warga grup sandiwara nu rek minton tea.
Gek diuk di tengah. Aya sababaraha urang nu ngareret ka kuring.
Lieuk kuring ka tukang. Kasampak arasup opatan barudak ngora, lalaki dua awewe dua. Jigana SMA keneh, atawa mahasiswa tingkat hiji. Tapi teu lila, kalaluar deui.
Di hareup, kadenge sora rebab, tapi kadengena pales. Sababaraha urang ting cikikik nyeungseurikeun. Enya meureun, maranehna teh warga grup sandiwara tea.
“Geus jam dalapan euy,” ceuk salah saurang.
“Sok der ah,” tembal nu sejenna.
Jam dalapan leuwih dalapan menit, jol hiji awewe di tengah panggung. Rada lintuh, jiga geus tengah tuwuh. Wedakna bodas ngeplak. Dikabaya hejo transparan, ngalapis baju bodas leungeun panjang. Jrut ngadeukeutan para nayaga nu masih keneh ngajaran gamelan. Can katingali tereh prung.
Di jero panggung, di satukangeun layar, kadenge sora barudak lalumpatan.
Jam dalapan leuwih dua puluh dua, kakara prung sandiwara teh, dibuka ku kawih nu dihaleuangkeun ku awewe nu dikabaya hejo tea. Kuring ngitung dina jero hate, teu leuwih 16 urang nu lalajo, kaasup lalaki tiluan nu tadi ngarobrol di luar gedong jeung barudak leutik nu kakara arabus ti panto gigir. Jigana mah barudak nu tadi lalumpatan di panggung.
Basa Dayang Sumbi muncul na panggung, najan tangtu lain Miss Titin eta mah, kuring asa ngalayang teuing ka jaman iraha. Jaman legenda, mangsa keur kuring leutik, jeung waktu ayeuna asa patutumpuk teu puguh. Sono ka nu geulis jungjunan ati. Tapi bet angger teu kahontal.
Sora kacapi nu ngagelik maturan Dayang Sumbi nu keur ninun asa ngageuri kana hate.
Tuh tingali, Dayang Sumbi teh angger geulis kawanti-wanti, teu robah najan ngaliwatan rebuan jaman. Tapi naha urang sorangan nu kacida kejemna ka nu geulis?
Kuring lir ngadawang ngabangbang areuy. Waas pacampur jeung sedih.
Panon karasa panas. Tetenjoan asa aya nu ngahalangan.
Deudeuh teuing, Eulis, deudeuh sandiwara Sunda. Geus cunduk kitu kana waktuna?
Clak, cipanon ngeclak tina pipi kana leungeun.
***
Bandung, 30 Mei 2007
(Dimuat dina majalah Mangle No. 2145, 29 Nop-5 Desember 2007)

2 comments:

abahsangpenyamun said...

ieu teh salah sawios seratan fiksi atanapi kereteg hate nu leres2 ngarandapan "kamonesan" bandung jaman kiwari kang?
..............
sakapeung mah sok kacipta, boa engke mah anak incu teh moal wanoh deui ka na seni buhun na. tapi da seni mah nuturkeun kahirupan di na mangsa na. pan longser ge cenah awalna mah samodel kelompok baramaen anu ngajadikeun seni bobodoran jeung ketuk tilu jadi pintonan, ditema sarayuda pikeun menta duit. kitu pan..

Hermawan Aksan said...

fiksi nu kaluar tina kereteg hate tur kanyataan nu karandapan :)